Kamis, 09 Juli 2009

Surat Keur Ki_lanceuk *alm Boni*



Kullu Nafsin Dzalikatull Maut *bisi salah ejaan hampura*
salaku jalma sok poho rarasaan hirup teh bakal salilana, rarasaan teh bakal panggih salilana. Padahal teu saeutik anu ngingetan.
Hal ieu kaalaman lain sakali tapi asa asana mah jiga jelema ngambeu hitut. lamun kaambeung bau kakarak ribut. dimana geus leungit mah sok repeh.
sabulan anu katukang *jigana leuwih saeutik* urang ditelepon ku almarhum harita loba anu diobrol keun, diantarana dipenta tulung. ngan hanjakal urg teu bisa nedunan kabutuhna kulantaran keur sibuk kampanye jeung anggapan teh teu pati peunting teuing*da teu nyarita*. Panyana teh eta teh, lain obrolan pamungkas, hanjeulu ngagendok dina dada dibejaan geus tilar dunya. Kasuka karia, pedah pamajikan salamet ngalahirkeun ngadak2 leungit. rus ras asa dosa. Naha teu ngomong harita teh anjeun teh geuring???? lamun diimpleung deui katukang harita keur jaman sakola, terus jaman ulin babareungan asa beuki nyeuri hate pinuh ku katunggaraan. Duh gusti mugiya dihampura, bon hampura urang teu nyaho. jalan anu dipilampah teh teu salilana leumpeung jeung ajeug, jelema mah sok keuna ku owah gingsir, sok poho kana purwadaksi. Ayeuna mah nu karasa kari kaduhung sagede gunung. di dua'keun cikng salamet di akherat cing dicaangkeun dialam kubur. Hampura, tambelar ka anjeun. Mudah2an engke panggih deui di Yaummul Akhir. Kasadaya sobat sim kuring umajak, mugiya ridhlo pikeun ngadua'keun sobat urang sadayana.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar